Skip to content

Ngamumulé Basa jeung Budaya Sunda di SMAN 1 Parakansalak dina Hari Peringatan Basa Indung Sadunya

Dina raraga miéling Hari Peringatan Basa Indung Sadunya nu tumiba dina tanggal 21 Fébruari 2024, SMAN 1 Parakansalak ngayakeun rangkaian kagiatan nu marengan jeung sumanget ngamumulé basa jeung budaya Sunda. Kagiatan ieu diluuhan ku sakumna warga sakola, ti mimiti siswa, guru, nepi ka staf tata usaha, sadayana ngariung ngahiji dina hiji tujuan; ngajaga jeung melestarikan budaya jeung basa Sunda.

Kagiatan ieu dibuka langsung ku Kepala SMAN 1 Parakansalak, Bapak Didin Jamaludin, S.Pd., M.Pd. Dina bubukaanana, Bapak Didin ngajéntrékeun pentingna miara jeung ngalestarikeun basa jeung budaya lokal minangka warisan leluhur nu hargana teu kaukur. Anjeunna ogé ngaharepkeun, ku diayakeunana kagiatan ieu, siswa bisa leuwih ngarti jeung reueus kana budaya sorangan.

Salah sahiji acara nu jadi andelan dina kagiatan ieu nyaéta lomba pentas seni Sunda, nu ngalibatkeun siswa-siswi pikeun némbongkeun bakat jeung kréativitasna dina widang seni tradisional Sunda, saperti tari Sunda, musik Sunda, jeung maca sajak Sunda. Lomba ieu teu ngan saukur jadi ajang kompetisi, tapi ogé minangka wadah pikeun ngawanohkeun jeung ngajéntrékeun seni budaya Sunda ka generasi ngora.

Salian ti lomba pentas seni, aya ogé lomba permainan tradisional Sunda nu ngareuah-reuah suasana. Permainan saperti galah asin, engkle, jeung sumpit, jadi sarana pikeun siswa nyieun interaksi sosial bari sakaligus ngalaman langsung budaya leluhur. Kagiatan ieu ngahudangkeun rasa panasaran jeung minat siswa pikeun leuwih jero ngulik budaya sorangan.

Teu éléh pentingna, lomba makanan Sunda ogé jadi salah sahiji kagiatan nu ditunggu-tunggu. Lomba ieu teu ngan saukur ngeunaan kumaha nyieun makanan nu rasana nikmat, tapi ogé ngeunaan kumaha ngamumulé jeung ngariksa rupa-rupa makanan tradisional Sunda nu loba nu geus jarang katémbong di jaman ayeuna. Siswa diajak pikeun ngajajah jeung nyobaan nyieun makanan tradisional, saperti surabi, colénak, jeung lalapan bumbu kacang, nu sadayana ngandung filosofi jeung carita nu jero.

Kagiatan miéling Hari Peringatan Basa Indung Sadunya di SMAN 1 Parakansalak ieu ngagambarkeun komitmen sakola dina ngajaga jeung ngalestarikeun basa jeung budaya Sunda. Ku ayana kagiatan saperti ieu, diharepkeun siswa-siswi bisa jadi generasi nu ngarti, ngajénan, jeung ngamumulé warisan budaya, sahingga bisa ngajaga identitas nasional dina kancah global.